|
-
- Prasasti Geger Hanjuang
- Ngahanjuang-siangkeun Hari Jadi Tasikmalaya
-
- ku: Drs. Agus Permadi
- [Mangle No. 495, September 1975]
- Sabada
sawala dua poe lilana, tanggal 1 Agustus 1975, DPRD DT. II
- Tasikmalaya netepkeun yen Hari Jadi Tasikmalaya teh ninggang kana
tanggal:
- 21 Agustus 1111. Ari mimitina mah puguh ge loba anu heran jeung
ngarasa
- kurang percaya kana tanggal jeung taun anu kasebut di luhur teh. Tapi
da
- kitu buktina, hasil panalungtikan "Team Peneliti Hari Jadi
Tasikmalaya"
- teh, puguh cukcrukan galurna, puguh sasaran bejana, jeung puguh bukti
- historisna anu jadi panyangga kana kuatna jeung benerna katangtuan
tanggal
- 21 Agustus 1111 teh. Kuat teh dina harti kamampuan hasil
panalungtikan
- kiwari anu maksimal. Cenah, eta ka hareup aya deui anu mampuh
menerkeun,
- eta mah da ciri elmu nu sipatna salawasna teu weleh panasaran, anu
pancenna
- neangan bebeneran, teu aya halanganana mun salah tea mah pada
nalungtik
- jeung pada menerkeun.
- Team
Peneliti Hari Jadi Tasikmalaya mimitina diangkat ku Bupati
- Tasikmalaya, Kolonel Husen Wangsaatmadja, tanggal 11 Desember 1973,
- diketuaan ku Sdrk. Herniwan Wirasubrata (Sekda). Team ieu teh kakara
nyieun
- dadasar panalungtikan jeung nangtukeun lengkah-lengkah pikeun
ngumpulkeun
- sumber-sumber sajarah. Ku lantaran tugas Sekda pohara lobana, nya
tanggal
- 11 Mei 1974 Team dirobah deui ku Drs. Kartiwa Suriasaputra, Bupati nu
- ngaganti Kolonel Husen Wangsaatmadja. Nu diangkat Ketua: Sdrk. R.
Unang
- Sunardjo, SH (Petinggi), ari anggota-anggotana mah kawilang angger
keneh,
- nyaeta: Drs. Agus Permadi, Drs. Ietjeu Marlina, Drs. Edi Ekadjati,
jeung R.
- Djaka Suryawan. Ari anu dijieun Konsultan Ahli nyaeta Drs. Atja ti
Bandung
- jeung Drs. Saleh Danasasmita ti Bogor.
- Dasar
pamikiran Team, mimiti nyeleser ti wewengkon pamarentahan anu
- disebut Tasikmalaya. Katimu wae, yen Tasikmalaya mah minangka
pucukna.
- Tasikmalaya teh pindahan ti Manonjaya, ari Manonjaya pindahan ti
Sukapura,
- Sukapura teh pindahan ti Sukakerta, ari Sukakerta teh pindahan ti
- Galunggung. Nepi ka Galunggung kandeg bongkotna mah kurang tetela
laratan
- sajarahna.
- Nya
ti dinya Team ngaleunjeurkeun sajarahna. Lain neangan iraha kota
- Tasikmalaya diadegkeun, nya kitu deui lain neangan iraha ngadegna
Kabupaten
- Tasikmalaya, tapi neangan sajarah anu aya patalina jeung Tasikmalaya.
ari
- dipapay, enya runtuyanana teh masih natrat bisa kapapay. Harita ge
timbul
- rupa-rupa pertanyaan, atuh rek neangan Hari Jadi Tasikmalaya mah ti
kota
- Tasik we da ari ti Galunggung mah meureun kudu disebut Hari Jadi
- Galunggung. Kacindekan Team, ari neangan Hari Jadi teh, lain neangan
iraha
- ngadegna kota, da Kabupaten Bandung ge moal ngarobah hari jadina ku
- diadegkeunana kota Bale Endah, tapi bakal angger mieling tanggal anu
aya
- tumalina jeung sajarah Kabupaten Bandung.
- Jadi,
Tasikmalaya di dieu mah, nyaeta ngaran tempat anu nuluykeun
- ayana organisasi kamasarakatan atawa pamarentahan ti baheula nepi ka
- ayeuna, anu geus kungsi ngalaman robahan struktur, legana wewengkon,
jeung
- robahna ngaran pamarentahan atawa pusat pamarentahan. Sabab, ngaran
- Tasikmalaya moal aya hartina mun henteu jadi ngaran pameungkeut ayana
hiji
- pamarentahan. Ajenna teh moal beda ti ngaran-ngaran kampung atawa
tempat
- anu bacacar di wewengkon Tasikmalaya.
- Naon
atuh nu jadi udagan tujuan nalungtik Hari Jadi teh? Naha gehgeran
- bae, pedah batur nyarieun Hari Jadi?
-
- Lain
gehgeran, tapi perluna mah ngawawuhkeun diri. Hari Jadi tangtu
- kaguarna teh tina sajarah kamekaran manusa-manusa nu ngancik di hiji
- wewengkon. Manusa, tempat, jeung waktu ngarupakeun hiji katunggalan
kapan,
- dina sajarah mah. Dina patilasan-patilasan budaya anu ditinggalkeun,
bakal
- bisa nerangkeun olahan kamekaran tina usaha-usaha manusa ngahontal
- kabagjaan lahir batin. Patilasan-patilasan budaya teh bakal jadi
sumber
- sajarah anu bisa dicokot kacindekan-kacindekan. Sumber jeung fakta
sajarah
- kudu ditapsirkeun, dianyam deui jadi leunjeuran sajarah. Ku hasil eta
urang
- bakal bisa ngadeukeutan hadirna jeung kagiatan-kagiatan manusa di
jero
- masarakatna dina mangsa biharina. Tinemuna sajarah daerah pribadina,
bakal
- tumuwuh rasa reueus. Tina rasa reueus, tumuwuh harga diri. Tina harga
diri,
- bakal tumuwuh kamotekaran-kamotekaran anu bisa dimangpaatkeun pikeun
- nunjang pembangunan nagara urang kiwari, boh jasmani, boh rohani.
Tujuan
- kadua, milu neangan bahan pikeun milu "nyambungan" kana
sajarah regional
- Jawa Barat, nu engkena meureun bakal disusun. Atuh jembarna mah
kaentragan
- nu pandeuri sina boga rasa talungtik pikeun nguatan rasa harga
dirina, jadi
- bangsa anu merdika, tur ngabogaan katahanan nasional anu kuat.
- Dina
panalungtikan Team manggihkeun 6 moment anu jadi puncak
- kajadian-kajadian kamekaran Tasikmalaya ti mimiti Galunggung nepi ka
jadi
- Tasikmalaya ayeuna:
- 1. Pusat Pamarentahan di Galunggung, anu disaksian ku prasasti Geger
- Hanjuang.
- 2. Pusat Pamarentahan di Sukakerta.
- 3. Ngadegna Kabupaten Sukapura jeung kamekaranana.
- 4. Pindahna Ibu Kota Kabupaten Sukapura ka Manonjaya.
- 5. Pindahna Ibu Kota Kabupaten Sukapura ti Manonjaya ka Tasikmalaya,
anu
- disusul ku robahna ngaran Kabupaten Sukapura jadi Kabupaten
Tasikmalaya.
- 6. Tasikmalaya dina lingkungan Nagara Republik Indonesia.
-
- Tah
anu 6 moment ieu teh, mangrupa milik masarakat Tasikmalaya anu
- henteu bisa dileungitkeun kitu bae. Turug-turug deuih, jajaran
caritana
- masih natrat anu dikuatkeun ku saksi-saksi anu bisa nunjang benerna
eta
- kajadian-kajadian. Dina 6 moment anu kasebut di luhur teh, ngandung
- galeuh-galeuh parumajaan, kamotekaran, karancagean, kasadaran
masarakat,
- kasadaran boga pamarentahan sorangan jeung kadaolatan dina wilayahna.
- Sanajan tangtu, ajen tina galeuh-galeuh anu dikandung unggal moment
teh
- henteu sarua.
- NGARAN TASIKMALAYA
- Aya
dua katerangan anu nerangkeun harti Tasikmalaya. Nu kahiji,
- nerangkeun yen Tasikmalaya teh tina kecap "tasik" jeung
"laya", hartina
- "keusik ngalayah". Maksudna mah pedah di Tasikmalaya loba
keusik di
- mana-mana. Harti ieu bisa ditumalikeun jeung bituna Gunung Galunggung
anu
- nyemburkeun keusik panas ka kota Tasikmalaya ayeuna. Anu kadua
nerangkeun,
- asal tina kecap "tasik" jeung "malaya", hartina
"tasik" = talaga, laut, cai
- ngembeng, atal. "Malaya" dihartikeun "jajaran
gunung-gunung" (di basisir
- Malabar, India). Harti sagemblengna "jajaran gunung-gunung lir
ibarat cai
- laut lobana", atawa "talaga gunung-gunung". Ieu oge
ditumalikeun kana
- bituna Gunung Galunggung keneh. Malah cek para ahli mah lobana
- gunung-gunung anu parentul di kota Tasikmalaya teh aya kana 3.648
gunung
- (laleutik) lobana.
- Kawasna
anu merenah mah katerangan anu kadua, anu dumasar kana
- katerangan ti Topographisen Dienst anu biasana sok sakalian
nerangkeun
- asal-usul ngaran tempat (toponimi).
- Upama
nitenan kitu, ngaran Tasikmalaya mimiti aya teh, kudu sabada
- bituna Gunung Galunggung samemeh taun 1822, da dina bitu taun 1822
mah
- sabagian tina gunung-gunung eta mah geus aya.
- Memeh
dipake ngaran Tasikmalaya, tempat nu ayeuna disebut Tasikmalaya
- teh tadina mah disebut "Tawang Galunggung", nyaeta tempat
panyawangan anu
- plungplong ka ditu ka dieu. Mimiti dipake ngaran resmi nu dipake
meungkeut
- organisasi kamasarakatan mah:
- Hiji, dina taun 1813, waktu R.T. Surialaga, tedak Sumedang diangkat
Bupati
- Sukapura. Nya ku lantaran Gedong Kabupaten Sukapura di Sukaraja
harita mah
- lain Gedong Nagara, bupati nu lain terah Sukapura mah henteu bisa
nempatan
- Gedong Kabupaten di Sukaraja. Dina taun 1813-1814 kalungguhan Bupati
- Sukapura aya di kota Tasikmalaya.
- Dua, dina taun 1821 ayana Afdeeling Tasikmalaya.
- Tilu, dina tanggal 1 Oktober 1901, Ibu Kota Kabupaten Sukapura ti
Manonjaya
- pindah ka kota Tasikmalaya.
- Opat, dina taun 1913, ngaran Kabupaten Sukapura diganti jadi
Kabupaten
- Tasikmalaya, jaman Bupati R.A.A. Wiratanuningrat.
- GALUNGGUNG NGABOGAAN AJEN ANU LEUWIH LUHUR
- Saenyana
mah, ayana karajaan Galunggung teh geus lana kakubur ku usum.
- Dongeng-dongengna ngan kapanggih sesemplekanana mimitina mah. Tapi ku
- lantaran kaancikan ku panasaran, Team terus maluruh. Nya kapanggih
mimitina
- mah tina Laporan Kepurbakalaan Jawa Barat (Rapporten Oudheidkundige
Dienst
- van West Java) anu disusun ku Dr. N.J. Krom. Dina kaca 73 nepi ka
kaca 82
- eusina husus ngeunaan barang-barang purbakala anu aya di wewengkon
- Tasikmalaya. Nya di antarana disebutkeun yen di Geger Hanjuang
kapanggih
- batu tulis anu eusina aya tilu jajar, kaasup tipe Pajajaran. Ngandung
taun
- saka 1333.
- Disusud
terus, katimu tulisan K.F. Holle anu judulna "Beschrevensteen
- uit de afdeeling Tasikmalaya" TBG XXIV, 1877. Tulisan C.M.
Pleyte anu
- ngaitkeun oge Geger Hanjuang dina bukuna "Het Jaartal op den
Batoe Toelis
- na bij Buitenzorg" TBG, 53, 1911; jeung tina "Twentieth
Century Impressions
- of Netherlands India" anu disusun ku Triscott & Son (1910).
- K.F.
Holle nerangkeun yen, ari aksarana mah tetela, ngan henteu bisa
- meunangkeun katerangan anu leuwih gampang, sabab dina jajaran kadua
teu
- bisa kabaca kalimah anu aya hartina. Tapi, tanpa katerangan anu rada
- lengkep, Holle geus netepkeun yen ea prasasti teh ngabogaan
candrasangkala
- 1333 Saka. Hasil transkripsi Holle kana Prasasti Geger Hanjuang:
- bah o goenna apuy le-
- dya (?) wwang ga bu ti sakakala ru mata-
- k di yuyu ku batari hyang pun
- C.M. Pleyte sapamadegan tina candrasangkala 1333 Saka, ngan Pleyte
- netelakeun angka rebuan anu teu tetela diterangkeun ku Holle. Anu
dibaca
- "ledya" (?) ku Holle, ku Pleyte mah dibaca
"dica", nya eta ngandung angka
- hiji (rebuan).
- Sabada
Holle jeung Pleyte, teu aya deui sarjana anu nalungtik Prasasti
- Geger Hanjuang anu masih atah keneh tina panalungtikan. Malah loba
anu tega
- penulis sajarah ngaluarkeun Prasasti Geger Hanjuang tina jalur
sajarah kuno
- Jawa Barat. Dianggapna meureun, ku lantaran ngan tilu jajar ieuh,
moal aya
- matakna kana leunjeuran sajarah kuno Jawa Barat. Jeung meureun, bisi
kudu
- nyieun tiori anyar upama Prasasti Geger Hanjuang disebut-sebut.
Padahal ku
- saeutikna prasasti nu kapanggih di Jawa Barat, eta teh sakuduna mah
sing
- jadi bahan panasaran anu enya-enya.
- HASIL BACA JEUNG KOREKSI DRS. SALEH DANASASMITA
- Sabada
nitenan jeung ngabanding-banding ti nu sejen, jeung nalungtik
- kasang tukang tina kahirupan masarakat Sunda, Drs. Saleh Danasasmita
- ngaluarkeun tulisan anu make judul "Hubungan antara Sri
Jayabhupati dengan
- Prasasti Geger Hanjuang" anu dikaluarkeun ku Lembaga Kebudayaan
Unpad 1974
- jeung tulisan anu make judul "Prasasti Geger Hanjuang, Kabuyutan
- Linggawangi, Singaparna, Tasikmalaya".
- Ringkesna
mah hasil titenan Drs. Saleh Danasasmita jeung Drs Atja mah
- tulisan dina Prasasti Geger Hanjuang teh:
- 1. tra ba i gunna apuy na-
- 2. sta gomati sakakala nu mata-
- 3. k disusu(k) ku batari hyang pun
- Memang aya aksara anu samar-samar, nyaeta aksara panungtung dina
jajaran
- kahiji, tapi upama neangan nu ngandung harti mah dibacana teh kudu
"nasta"
- atawa "lesta" (aksara n meh sarua jeung aksara l). Hartina
kabehanana ge
- sarua ngandung harti 0.
- "Tra"
tina "trayodasi", hartina 13 (tiluwelas), luyu jeung prasasti
- Mantyasih, yen kecap "tra" teh mangrupa akronim (wancahan)
tina
- "trayodasi". "Ba" - wancahan tina
"Badrapada", ngaran bulan anu dipake
- baheula, anu dina jaman kiwari mah sarua jeung bulan Agustus. Jadi,
"tra ba
- i gunna apuy nasta gomati sakakala" teh hartina: 13 Badrapada
dina 1033
- waktu Saka. Atawa sanggeus diitung, kapanggih eta teh sarua jeung:
tanggal
- 13 Sapar 505 Hijriah, atawa sarua jeung 21 Agustus 1111 Masehi.
[Teraskeuneun] |
|