e Sareng eu
(Kintunan Kang Sasmita & Teh Allia sareng)

Sim kuring teh teu patos paos naha benten antawis é ( curek) sareng ? (pepet) margi upami urang maca buku bet aya tilu golongan nu nganggo :

  1. Dina buku Maher Basa Sunda kenging Saderek Drs Tatang Sumarsono (penerbit Geger Sunten taun 1996) é dianggo sapertos dina kecap maher, kusen, kade, keneh, maneh. Dina buku Mirah Dalima (kumpulan carpon Kis WS) penerbit Girimukti Pasaka taun 1992, vonem é sami sareng dina buku Maher Basa Sunda, kitu oge dina buku Kamus Istilah Populer Basa Sunda/Drs A.Marzuki saparakanca penerbit Rahmat Cijulang taun 1990. Dina eta buku vonem e sapertos dina kecap sareng, dedemit teu nganggo rarangken nanaon.
  2. Dina buku Kanjut Kundang (kumpulan prosa, puisi Sunda) Ayip Rosidi/Rusman Sutiasumarga penerbit Balai Pustaka taun 1963(?) dianggo sapertos dina kecap kulem, catet, pangandeg, jero. Dina buku Pantun Mundinglaya Di Kusumah (dikumpulkeun ku Ayip Rosidi/ dipantunkeun ku Ki Atjeng Tamadipura) penerbit P dan K taun 1986, sami sareng dina buku Kanjut Kundang, sapertos dina kecap jenengan, bener, celegedeg, Kitu oge dina buku Wawacan Purnama Alam Jilid 1 (kenging R Soeriadiredja) penerbit Balai Pustaka taun 1956 Vonem e sapertos dina kecap bebene, tereh, pasantren, henteu nganggo rarangken nanaon.
  3. Vonem é sareng  ? sama sakali teu dianggo, cobi geura aos buku Sawidak Carita Pondok (penerbit  Rahmat Cijulang taun 1986 ), Wawacan Rengganis (penerbit P dan K taun 1979 ), Buku Kumpulan Carpon Halimun Peuting/ Iskandar Wasid (penerbit Rahmat Cijulang taun 1989).


Anu kedah janten imeutaneun urang sadayana kahade ulah pacorok nempatkeun e (pepet/ curek) sareng eu

               Euweuh = teu aya, kosong
               Leuwih = loba teuing, meunang (dina babandingan)
               Didieu = nuduhkeun patempatan nu perenahna deukeut

               Henteu = teu
               Dinten = poe
               Cenah = omongna

               Edan =gelo tur ngabahayakeun batur,
               Leret = reret (?), nenjo ka gigir saeutik, nenjo ku juru panon
               Edas = sesebutan keur nu rada kaleuleuwihi, rada mahiwal

MSasmita

---------------------------------------------------------------

Punten yeuh ngiring ngaramekeun, ngiring ngomentaran tina hal ngagunakeun e curek sareng e biasa nya. Upami yeu lepat mah kapungkur  jaman sateuacan Ejaan Bahasa Indonesia yang Disempurnakeun diumukeun sareng dimasyarakatkeun ku balai bahasa indonesia, kantos diajarkeun   ka murangkalih sd teh perkawis vokal dina bahasa sunda. nyaeta, a, i, u, e, o, eu sareng e curek. E curek sapertos dina pepet, sareng, sareng sajabina. Saparantos Ejaan Bahasa Indonesia dimasyarakakeun bet pet wae geuning e curek teh kasilih warni tara dianggo, dianggapna jadi e tanpa rarangken alias polos. Naha ngilesna e pepet teh kaimbas ku pangaruh parubahan ngagunakeun ejaan bahasa indonesia anu disampurnakeun, atanapi kumargi paranti ngetik /nyetak  huruf-ejaannana tos teu di lengkepan ku e curek?. Da sakaingeut simkuring mah nepi kaayeuna teu aya bewara ngeunaan parubahan abjad bahasa sunda anu disampurnakeun.. kumargi teu aya lambaga anu ngahaja ngaropea bahasa sunda ? (eh muhun kitu teu acan aya lambaga bahasa sunda?)

Allia
 



Disanggakeun ku : Akang nu ti Bandung tea....