Kembang Tanjung Panineungan
(Ciptaan mang Koko, dikawihkeun munggaran ku Ida)
(disalin ku : Danurwenda Wijayaputra )

Anaking jimat awaking
Bssa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu remis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep.

Geus opat taun katukang ema nyipta mulung bentang
nu marulang peuting tadi, Bentang seungit ditiiran, pangangguran

Anaking jimat awaking,
Basa ema mulung tanjung rebun-rebun, bet henteu sangka aya nu datang
ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep

Nu opat poe teu mlang ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi, layona keur kadieukeun, dipulangkeun.
Harita waktu layona geus datang, ema ceurik balilihan
Ras ka hidep na Kandungan utun inji budak yatim, deudeuh teuing
Harita waktu layon geus digotong, ema inget ieuh kana tanjung
dikalungkeun na pasaran, kembang asih panganggeusan ieung ti duaan.

Anaking jimat awaking
Lamun ema mulung TAnjung reujeung hidep, kasuatsuat nya pipikiran
tapina kedalna teh ku hariring, hariring eling ku eling Kana tanjung nu
dipulung
Eh... kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan, nu nyeungitan hate urang
Panineungan.
 
 
 



Disanggakeun ku : Akang nu ti Bandung tea....