Undak Usuk Basa 2
( Nyuplik tina buku Babaran Undak Usuk Basa Sunda
RHI Buldan Djayawiguna
Penerbit Tarate Bandung citakan kadua taun 1986. )
(di serat ulang ku : M Sasmita)A
abus, asup-lebet.
kuring abus (asup) ka imah - abdi lebet ka rorompok - Bapa lebet ka bumi.acan, tacan, encan - teu acan
kuring acan dahar - abdi teu acan neda - Bapa teu acan tuang.acan, anu teu kudu dilemeskeun.
kuring teu boga anak hiji-hiji acan - abdi teu gaduh anak hiji-hiji acan -
Bapa Anu teu kagungan(eun) putra hiji-hiji acanadi- rai atawa rayi
adi kuring- pun adi ( adi abdi)- tuang rai atawa tuang rayi (rai/rayi Bapa).
tuang rayi bisa oge hartina geureuha anjeuna.adu, ngadu - ngaben
ngadu domba/kuda/hayam - ngaben kuda/domba/hayam
pangaduan - pangabenan.aing (basa cohag), dewek - kuring-jisim kuring-abdi-jisim abdi.
ais,ngais- ngemban
kuring/abdi ngais budak- Ibu ngemban murangkalih
ngemban timbalan = ngajalankeun tugas/ parentah.ajang, keur - kanggo
ajang kuring = keur kuring - kanggo abdi - haturan Bapa.ajar, ngajar
kuring ngajar ngitung - abdi ngajar ngetang - Bapa ngawulang ngetang
kuring nagajar ngaji= abdi ngajar ngaji - Bapa ngawuruk ngaos.aji, ngaji
kuring ngaji, abdi ngaji, Bapa ngaos.akang - engkang
Akang rek indit, Engkang bade angkat..?
upama dina alamat : Kahatur jeng Raka atawa upama rada loma Kahatur Kang
Raka.aki, eyang - aki kuring, aki abdi - tuang Eyang.
aku, ngaku - ngangken
ngaku baraya, ngangken wargi.ali, cingcin atawa lelepen,
kuring/abdi make ali, Bapa nganggo lelepen.alo
alo kuring - pun alo - kapi putra Bapa atawa biasana mah sok disebut tuang
putra.alus - sae
imah alus, rorompok sae - bumi sae.ambeh- supaya - supados.
ambek - bendu atawa sewot - wera ( lemes pisan)
ulah ambek/ ngambek - mugi teu janten bendu - kangjeng Raja nuju wera.ambeu, ngambeu - ambung, ngambung
diambeuan - diambung atawa diambungan, diambung bisa oge hartina dicium.amit atawa amitan - pamit - permios
amit/ pamit rek balik - permios bade wangsulanak - pecil atawa seuweu - putra
anak kuring- pun anak - pecil atawa seuweu pun adi - tuang putra.pianakan - wewetengan ( ulah piputraan)
anggap, nganggap, ngaku - ngangken.
Sakitu heula, insya allah minggu payun diteraskeun
Salam
MSasmita
Disanggakeun ku : Akang nu ti Bandung tea....