Cacarakan
Cacarakan di bawah ini hasil karya anak Darmaraja
yang di browse dari internet :
Kaduhung
Hariring nu geus lila sumanding
di haté kuring
ayeuna ngagalindeng deui na jero dada
nalangsa nu teu aya babandinganana
ras inget keur waktu harita
ku naon kuring bet lénglé
hararésé nedunan paméntana
pamenta nu pamungkas
Katumbiri jadi saksi
kiwari tinggal kalangkang
kaduhung teu manggih tungtung
minuhan haté kuring
Ayeuna manéhna duka ka mana
dina jemplingna peuting
ngan bisa nangkeup kalangkangna
Do'a Keur Bapa
Gumuiruhna sora guludug
marengan keclak cihujan
kuring ngaheruk sorangan
nyawang ka nu anggang
Haté beuki ngahelas
ras inget ka bapa
nu keur nyaba jauh
néangan tatali hirup
Hiliwirna angin jeung cihujan
nu nyangkrung 'na kembang angkrék
jadi saksi doa kuring
pikeun kasalametan bapa
nu nyaba
sing salamet
muga Gusti ngabulkeun
do'a kuring
amin.
Kintunan Elis Rosniawati
SMAN Darmaraja Sumedang
Alamat Dsn Ciwangi Rt o6/03
Cibogo Darmaraja Sumedang
Tali Allah
Lemah cai kuring nu lendo tur asri
kaeusi ku jalma-jalma pribumi
nu nyambuangkeun sawatara budi pekerti
sarupaning pucuk kembang nu rék jadi
Tali Allah nu dianut ku bangsa pribumi
agama Islam nu dirido ku Gusti
ngondang sawatara harti
gunana hirup di bumi pertiwi.
Sumanget
Tuh tingali perjoangan pahlawan-pahlawan
dina merjoangkeun tali agama Islam
nandeskeun kahirupan nu teu pasti
ngayakeun kahirupan nu abadi
abadi lain dina kahirupan duniawi
tapi ahérat nu ayana geus pasti.
Cik témbongkeun jati diri nu kalindih
sumanget nu punglak na diri
nu katineung ku sagala umat
umat nu takwa jeung ngabakti ka Gusti.
Kintunan : Fitri Nur'aeni
Kelas IIA SLTPN 1 Darmaraja
Sumedang